MUNJUNG KA MONYÉT
Ku Rusmana *)
Di kampung éta, aya hiji lalaki ngaranna Kang Dadang.
Sapopoéna, anjeunna téh pagawé rendahan di kantor kecamatan. Jalma basajan, teu
loba omong, jeung hirupna sakumaha warga séjén. Tapi sababaraha bulan ka
tukang, kahirupan Kang Dadang robah drastis.
Ti mimiti motor butut merek Supra fit beureum nu
kawilang butut jeung sok mogokan wae, jadi mobil anyar. Imah leutikna
direnovasi jadi gedé jeung agréng. Pakéan sapopoéna ogé geus teu kawas baheula
deui, kawilang ginding jeung “Brandeed” ceu barudak ayeuna mah.
“Eh, si Dadang ayeuna beunghar pisan nya?” ceuk Bi
Imas bari nyarita ka tatanggana nu harita keur ngarariung dina lapak Mang Dodo,
tukang sayur nu biasa ngurilingan kampung nawarkeun sabangsaning bahan sayuran
maké motor.
“Ah, meureun meunang judi onlen,” jawab nu séjén.
“Tapi ari dadakan kitu mah rada anéh. Boa boa korupsi?”
ceuk nu séjén deui bari ngagulang gapér kacang buncis dina lapak mang Dodo.
“Ceuk batur mah, si Dadang téh munjung ka monyét…”
Omongan éta sumebar siga ruhay seuneu dina jukut
garing. Jalma-jalma mimiti ngarasa teu tenang, utamana sabab dina wanci nu babarengan,
gerombolan monyét mimiti remen turun ka kampung.
Monyét-monyét éta henteu saukur ngalanglang kampung.
Maranéhna ngarusak kebon, maok dahareun, malah aya nu nepi ka asup ka jero imah
warga.
“Abdi mah sieun ayeuna, unggal peuting aya bae monyet,
sok sieun ngarogahala weh” ceuk Bi Rina bari tutaptutup
panto jeung jandela di tepas imahna.
Samentara éta, Kang Dadang sorangan teu pati mikirkeun
omongan batur. Anjeunna sibuk ku usaha sampinganana salaku afiliator
produk-produk ti luar nagri utamana produk ti Cina. Ngaliwatan HP jeung
internet, mulang gawe ti kecamatan anjeunna ngajual barang, sok rajeunan meunang
komisi gede leuwih gede tibatan gajihna salaku pagawé pamarentah di kecamatan.
“Urang kudu pinter-pinter ngamanfaatkeun kasempetan,”
ceuk Kang Dadang ka pamajikanana.
“Tapi teu sakabéh jalma resep kana kasuksésan urang
enggoning gawe kieu téh Kang” tempas pamajikanna.
Kang Iwa, salah sahiji warga, ngarasa teu resep ti
mimiti. Ti baheula, anjeunna geus ngéwa ka Kang Dadang, alatan pamajikan Kang
dadang teh patilasan Kang Iwa, nu kaburu dikawin ku Kang Dadang.
“Teu mungkin Dadang bisa beunghar sakitu gancangna mu
teu aya alatan nu anéh,” ceuk Kang Iwa bari ngumpul jeung sababaraha warga di
pos ronda hareupeun kantor desa.
“Cing pikir, monyét ayeuna loba. Si Dadang beunghar
dadakan. Ieu pasti aya hubunganana. Munjung ka monyét! Pesugihan!” omongan Kang
Iwa bari sumenget.
Sababaraha warga mimiti ka hasut ku omongan Kang Iwa.
Samentara éta, Pa Haji Akib, tokoh sepuh di kampung
éta, nyobaan nengahan obrolan warga nu nuju ngariung di pos ronda.
“Ulah gancang nuduh, dulur-dulur. Urang kudu tabayyun.
Teu sakabéh nu ku urang ditingali téh bener,” saur anjeunna kalem. “kadé bisi
kasamaran, kudu asak-asak nyarita téh, komo can aya bukti”
Tapi peupejeuh ti Pa Haji Akib anu sakitu bijaksana
éta éléh ku sora-sora nu pinuh kacurigaan.
Pa Kades Ohan ogé teu loba mantuan. Malah jero haténa,
anjeunna ngarasa kaganggu.
“Si Dadang ayeuna leuwih beunghar ti kuring,” pikirna.
“Lamun ieu diteruskeun, bisa-bisa pangaruh kuring di kampung turun, mana
sakeudeung deui rek ngayakeun pamilihan kapala desa anyar….boa-boa..”
Ku sabab éta, anjeunna henteu aya tarékah ngeureunkeun
isu ngeunaan Kang dadang, malah siga nu ngadukung sacara halus, supaya warga
mastikeun yén Kang Dadang téh munjung ka
monyét.
Nepak kana pupuncakna bareng jeung aya kajadian nu matak geger di desa eta.
Salah sahiji warga, Pak Jaja, kapanggih maot di
imahna. Saméméh maot, ceuk tatangga gigireunna, imahna dijorag ku gerombolan
monyét.
“Ieu mah geus teu bisa dianteupkeun kitu waé!” ceuk
Kang Iwa bari sorana satengah ngagorowok.
Warga mimiti kapancing amarahna.
“Urang kudu nyingkirkeun nu jadi sumber musibah ieu!”
“Saha deui lamun lain ti Si Dadang!”
Dina hiji peuting, warga ngagimbung di balé desa. kaayaan
keur tagiwur, sora warga sing gorowok, matak ratug nu ngadéngékeun.
Kang Dadang jeung kulawargana diangkir ka bale desa
satengah diséréd ku sababaraha pamuda.
Kang Dadang kaget, tapi nyobaan tenang.
“Naon maksudna? Kan pada apal sim kuring sapopoé kuli
di kacamatan, atuh sésa waktu tina kuli kuring usaha onlén jeung pamajikan di
imah, dagang biasa,” jawabna.
“Bohong!” ceuk salah sahiji warga. “Teu mungkin sakitu
gancangna ngabeungharan!”
Pa Haji Akib maju.
“Dulur-dulur, ieu teu adil. Urang nuduh bari teu boga
bukti, ka asupna fitnah…lalawora!”
Tapi sora warga nu geus kasundut amarahna ku hasutan
Kang Iwa leuwih tarik jeung leuwih réa.
“Usir! Usir ti kampung!”
Pamajikan jeung anak bungsu Kang Dadang nu awéwé mimiti
ceurik. Barudakna cing parurungkut nangkeup pamajikan Kang Dadang.
Kang Dadang ngan bisa neuteup, haténa nyeri.
“Ari salah kuring naon?” ceukna ngalimba.
Tapi amarah warga geus teu bisa dipungpang.
Peuting éta, kalayan dipaksa, Kang Dadang sakulawarga
kudu ninggalkeun kampung Wanajaya alatan di fitnah. Munjung ka monyét.
Sababaraha poé sanggeus éta, kajadian anéh terus
lumangsung.
Monyét beuki loba. Malah leuwih agrésif.
Kebon rarusak, hasil tatanén ruksak, warga beuki
sangsara.
Ahirna, aya tim ti kota datang pikeun ngayakeun
panalungtikan ngenaan kajadian gorombolan Monyét nu ngajorak desa Wanajaya..
Hasilna matak ngahudangkeun rasa hanjakal.
“Leuweung di sabudeureun Wanajaya geus loba dirusak.
Habitat monyét leungit. Ku kituna maranéhna turun ka pamukiman warga pikeun
neangan dahareun,” jelas salah sahiji petugas.
Warga silih teuteup.
“Jadi… lain kusabab Dadang?” ceuk Bi Imas.
“Lain,” jawab petugas teges.
Kang Iwa ngagebeg, teu bisa nyarita.
Pa Kades Ohan ngan ukur bisa cicing, rarayna pias
karumasaan teu bisa mayungan Kang Dadang nu di fitnah alatan ngaronjat beunghar
ngadadak.
Pa Haji Akib ngahuleng ngaragameneng.
“Urang geus salah… salah pisan….mitenah ka Kang Dadang”
Tapi sagalana geus kajadian.
Kang Dadang geus teu aya deui di kampung éta.
Teu aya nu nyaho kamana anjeunna pindah.
Nu tinggal ayeuna ngan rasa hanjakal jeung kasieun. Hanjakal
ka hasut ku béja yén Kang Dadang munjung ka monyét, aya kasieun lantaran
mitenah téh ka asup dosa nu gedé nu susah dihampurana ku Gusti.
Hiji peuting, Pa Haji Akib nyarita ka warga nu kumpul di
masigit
“Dulur-dulur, ieu jadi panggeuing keur urang sadayana.
Ulah gampang kabawa ku hasutan. Ulah gancang nuduh tanpa bukti.”
Manéhna ngabaladah sabada solat Isya, sora na ngalimba
tapi jero.
“Kadang, musibah nu datang téh lain kusabab batur,
tapi kusabab kalakuan urang sorangan.”
Warga ngabandungan bari unggut-unggutan.
Angin peuting ngahiliwir deui, mawa sora monyet ti
kajauhan.
Tapi ayeuna, nu karasa lain deui amarah, tapi rasa kaduhung
ngancik dina jero haté.
Carita Kang Dadang jadi pangeling-ngeling.
Yén dina hirup, ulag getas harupateun, curiga tanpa dadasar.
Sabab prasangka goréng bisa ngancurkeun hirup batur… pon deui hirup urang sorangan.
*) Guru nu nuju diajar nulis





















