"Go confidently in the direction of your dreams. Live the life you have imagined." — Henry David Thoreau."

Minggu, 12 April 2026

CARPON

MUNJUNG KA MONYÉT

Ku Rusmana *)

 

Di hiji peuting anu sepi jempling di desa Wanajaya, angin ngahiliwir dibareng hawa tiis nu nyecep, ngusap dangdaunan di tangkal nu geus mimitian ngarangrangan rek nyanghareupan usum katiga. Leuweung di gigir kampung geus loba nu gundul, dibukbak diganti ku kebon jeung “perumahan” anyar. Tapi ti saprak harita, aya nu beda. Sora monyét sok kadéngé unggal peuting, malah beuki deukeut ka pamukiman warga.

Di kampung éta, aya hiji lalaki ngaranna Kang Dadang. Sapopoéna, anjeunna téh pagawé rendahan di kantor kecamatan. Jalma basajan, teu loba omong, jeung hirupna sakumaha warga séjén. Tapi sababaraha bulan ka tukang, kahirupan Kang Dadang robah drastis.

Ti mimiti motor butut merek Supra fit beureum nu kawilang butut jeung sok mogokan wae, jadi mobil anyar. Imah leutikna direnovasi jadi gedé jeung agréng. Pakéan sapopoéna ogé geus teu kawas baheula deui, kawilang ginding jeung “Brandeed” ceu barudak ayeuna mah.

“Eh, si Dadang ayeuna beunghar pisan nya?” ceuk Bi Imas bari nyarita ka tatanggana nu harita keur ngarariung dina lapak Mang Dodo, tukang sayur nu biasa ngurilingan kampung nawarkeun sabangsaning bahan sayuran maké motor.

“Ah, meureun meunang judi onlen,” jawab nu séjén.

“Tapi ari dadakan kitu mah rada anéh. Boa boa korupsi?” ceuk nu séjén deui bari ngagulang gapér kacang buncis dina lapak mang Dodo.

Tapi tina sakabéh omongan nu ngariung di lapak mang Dodo, aya hiji béja nu sumebar jeung matak muringkak bulu punduk, pangpang na mun ras inget kanu caritaan Ni émeh bareto ngenaan bagong kajajadén atawa maung kajajadén nu sok menta wadal keur nu hayang benghar tapi embung hésé.

“Ceuk batur mah, si Dadang téh munjung ka monyét…”

Omongan éta sumebar siga ruhay seuneu dina jukut garing. Jalma-jalma mimiti ngarasa teu tenang, utamana sabab dina wanci nu babarengan, gerombolan monyét mimiti remen turun ka kampung.

Monyét-monyét éta henteu saukur ngalanglang kampung. Maranéhna ngarusak kebon, maok dahareun, malah aya nu nepi ka asup ka jero imah warga.

“Abdi mah sieun ayeuna, unggal peuting aya bae monyet, sok sieun ngarogahala weh” ceuk Bi Rina bari tutaptutup panto jeung jandela di tepas imahna.

Samentara éta, Kang Dadang sorangan teu pati mikirkeun omongan batur. Anjeunna sibuk ku usaha sampinganana salaku afiliator produk-produk ti luar nagri utamana produk ti Cina. Ngaliwatan HP jeung internet, mulang gawe ti kecamatan anjeunna ngajual barang, sok rajeunan meunang komisi gede leuwih gede tibatan gajihna salaku pagawé pamarentah di kecamatan.

“Urang kudu pinter-pinter ngamanfaatkeun kasempetan,” ceuk Kang Dadang ka pamajikanana.

“Tapi teu sakabéh jalma resep kana kasuksésan urang enggoning gawe kieu téh Kang” tempas pamajikanna.

Kang Iwa, salah sahiji warga, ngarasa teu resep ti mimiti. Ti baheula, anjeunna geus ngéwa ka Kang Dadang, alatan pamajikan Kang dadang teh patilasan Kang Iwa, nu kaburu dikawin ku Kang Dadang.

“Teu mungkin Dadang bisa beunghar sakitu gancangna mu teu aya alatan nu anéh,” ceuk Kang Iwa bari ngumpul jeung sababaraha warga di pos ronda hareupeun kantor desa.


Manéhna mimiti ngahasut amarah warga.

“Cing pikir, monyét ayeuna loba. Si Dadang beunghar dadakan. Ieu pasti aya hubunganana. Munjung ka monyét! Pesugihan!” omongan Kang Iwa bari sumenget.

Sababaraha warga mimiti ka hasut ku omongan Kang Iwa.

Samentara éta, Pa Haji Akib, tokoh sepuh di kampung éta, nyobaan nengahan obrolan warga nu nuju ngariung di pos ronda.

“Ulah gancang nuduh, dulur-dulur. Urang kudu tabayyun. Teu sakabéh nu ku urang ditingali téh bener,” saur anjeunna kalem. “kadé bisi kasamaran, kudu asak-asak nyarita téh, komo can aya bukti”

Tapi peupejeuh ti Pa Haji Akib anu sakitu bijaksana éta éléh ku sora-sora nu pinuh kacurigaan.

Pa Kades Ohan ogé teu loba mantuan. Malah jero haténa, anjeunna ngarasa kaganggu.

“Si Dadang ayeuna leuwih beunghar ti kuring,” pikirna. “Lamun ieu diteruskeun, bisa-bisa pangaruh kuring di kampung turun, mana sakeudeung deui rek ngayakeun pamilihan kapala desa anyar….boa-boa..”

Ku sabab éta, anjeunna henteu aya tarékah ngeureunkeun isu ngeunaan Kang dadang, malah siga nu ngadukung sacara halus, supaya warga mastikeun yén Kang Dadang téh  munjung ka monyét.

Nepak kana pupuncakna bareng jeung  aya kajadian nu matak geger di desa eta.

Salah sahiji warga, Pak Jaja, kapanggih maot di imahna. Saméméh maot, ceuk tatangga gigireunna, imahna dijorag ku gerombolan monyét.

“Ieu mah geus teu bisa dianteupkeun kitu waé!” ceuk Kang Iwa bari sorana satengah ngagorowok.

Warga mimiti kapancing amarahna.

“Urang kudu nyingkirkeun nu jadi sumber musibah ieu!”

“Saha deui lamun lain ti Si Dadang!”

Dina hiji peuting, warga ngagimbung di balé desa. kaayaan keur tagiwur, sora warga sing gorowok, matak ratug nu ngadéngékeun.

Kang Dadang jeung kulawargana diangkir ka bale desa satengah diséréd ku sababaraha pamuda.


“Kang Dadang, urang menta anjeun jujur,” ceuk Kang Iwa. “Naha anjeun munjung ka monyét?” “Naha manéh téga geus ngawadalkeun Pa Jaja basa kamari?”

Kang Dadang kaget, tapi nyobaan tenang.

“Naon maksudna? Kan pada apal sim kuring sapopoé kuli di kacamatan, atuh sésa waktu tina kuli kuring usaha onlén jeung pamajikan di imah, dagang biasa,” jawabna.

“Bohong!” ceuk salah sahiji warga. “Teu mungkin sakitu gancangna ngabeungharan!”

Pa Haji Akib maju.

“Dulur-dulur, ieu teu adil. Urang nuduh bari teu boga bukti, ka asupna fitnah…lalawora!”

Tapi sora warga nu geus kasundut amarahna ku hasutan Kang Iwa leuwih tarik jeung leuwih réa.

“Usir! Usir ti kampung!”

Pamajikan jeung anak bungsu Kang Dadang nu awéwé mimiti ceurik. Barudakna cing parurungkut nangkeup pamajikan Kang Dadang.

Kang Dadang ngan bisa neuteup, haténa nyeri.

“Ari salah kuring naon?” ceukna ngalimba.

Tapi amarah warga geus teu bisa dipungpang.

Peuting éta, kalayan dipaksa, Kang Dadang sakulawarga kudu ninggalkeun kampung Wanajaya alatan di fitnah. Munjung ka monyét.

Sababaraha poé sanggeus éta, kajadian anéh terus lumangsung.

Monyét beuki loba. Malah leuwih agrésif.

Kebon rarusak, hasil tatanén ruksak, warga beuki sangsara.

Ahirna, aya tim ti kota datang pikeun ngayakeun panalungtikan ngenaan kajadian gorombolan Monyét nu ngajorak desa Wanajaya..

Hasilna matak ngahudangkeun rasa hanjakal.

“Leuweung di sabudeureun Wanajaya geus loba dirusak. Habitat monyét leungit. Ku kituna maranéhna turun ka pamukiman warga pikeun neangan dahareun,” jelas salah sahiji petugas.

Warga silih teuteup.

“Jadi… lain kusabab Dadang?” ceuk Bi Imas.

“Lain,” jawab petugas teges.

Kang Iwa ngagebeg, teu bisa nyarita.

Pa Kades Ohan ngan ukur bisa cicing, rarayna pias karumasaan teu bisa mayungan Kang Dadang nu di fitnah alatan ngaronjat beunghar ngadadak.

Pa Haji Akib ngahuleng ngaragameneng.

“Urang geus salah… salah pisan….mitenah ka Kang Dadang”

Tapi sagalana geus kajadian.

Kang Dadang geus teu aya deui di kampung éta.

Teu aya nu nyaho kamana anjeunna pindah.

Nu tinggal ayeuna ngan rasa hanjakal jeung kasieun. Hanjakal ka hasut ku béja yén Kang Dadang munjung ka monyét, aya kasieun lantaran mitenah téh ka asup dosa nu gedé nu susah dihampurana ku Gusti.

Hiji peuting, Pa Haji Akib nyarita ka warga nu kumpul di masigit

“Dulur-dulur, ieu jadi panggeuing keur urang sadayana. Ulah gampang kabawa ku hasutan. Ulah gancang nuduh tanpa bukti.”

Manéhna ngabaladah sabada solat Isya, sora na ngalimba tapi jero.

“Kadang, musibah nu datang téh lain kusabab batur, tapi kusabab kalakuan urang sorangan.”

Warga ngabandungan bari unggut-unggutan.

Angin peuting ngahiliwir deui, mawa sora monyet ti kajauhan.

Tapi ayeuna, nu karasa lain deui amarah, tapi rasa kaduhung ngancik dina jero haté.

Carita Kang Dadang jadi pangeling-ngeling.

Yén dina hirup, ulag getas harupateun, curiga tanpa dadasar.

Sabab prasangka goréng bisa ngancurkeun hirup batur… pon deui hirup urang sorangan. 

*) Guru nu nuju diajar nulis

15 komentar:

  1. Terimakasih bapak, dalam carpon ini kita terdapat pesan penting yaitu: "jangan menuduh sebelum ada bukti"

    BalasHapus
  2. Trimakasih untuk Literasinya 🙏

    BalasHapus
  3. Sisi lain dari sukses usaha on-line di desa 😁🙏🏻

    BalasHapus
  4. terimakasih atas literasinya bapak

    BalasHapus
  5. makasih bu alfirji x-d

    BalasHapus
  6. terimakasih literasinya bapak
    Nazril x e

    BalasHapus
  7. Terimakasih Bapak atas ilmunya
    Dara XB

    BalasHapus
  8. Hasutan orang lain emang berbahaya kalau kita tidak bijak menanggapinya!

    BalasHapus
  9. terimakasih untuk literasi nya pak

    BalasHapus
  10. terimakasih pak atas literasinya Rizty Nurul X-A

    BalasHapus
  11. Terimakasih atas literasinya pak, sangat bermanfaat
    - Thalia U. F x-a

    BalasHapus
  12. Terimakasih atas literasinya pak, sangat bermakna dan memberi banyak pelajaran berharga bagi kami🙏🏼

    BalasHapus
  13. terimakasih linterasinya
    keysha xc

    BalasHapus
  14. Terimakasih atas literasi bapa
    Alysa X-C

    BalasHapus
  15. Terimakasih atas literasi nya sangat bermanfaat
    Dari Queensha dan Alya kelas X-C

    BalasHapus

Relationship

  “BAPER, BUCIN, DAN BATASAN” BOLEH BAPER, TAPI TETAP PUNYA ARAH By Dede Santi   Apa itu Baper? Baper (bawa perasaan) adalah kondi...