"A nation that honors its heroes will always stand strong and respected. In their bravery, we find strength. In their sacrifice, we find freedom" @abuafifi

Senin, 10 Agustus 2026

CARPON

KADUHUNG

Ku. Rusmana  *)

 

Isuk-isuk di Pangalengan pareng datang babarengan jeung halimun. Hawa tiis nyusup kana sela-sela jandéla kelas. Kebon téh anu héjo katingali samar tina kajauhan. Tapi pikeun Prana, kaéndahan éta geus teu boga harti.

Prana téh murid kelas XII di SMAN 1 Pangalengan. Umurna geus tujuh belas taun. Sakuduna, dina umur éta, manehna  keur sumanget nyiapkeun mangsa nu baris disorang. Tapi hirupna malah beuki awuntah teu puguh arah.

Baheula Prana téh budak anu bageur jeung rajin. Manehna  resep maén bal, resep diajar, sarta miboga cita-cita hayang jadi jalma anu bisa ngabanggakeun kolotna. Tapi sagalana robah nalika Prana kelas X. Kolotna papisah.

Ti harita, imah anu baheula pinuh ku sora obrolan jeung seuri jadi simpé. Bapana indit ti imah. Indungna tetep aya, tapi beuki remen cicing sorangan bari nyumputkeun kasedihna.

Prana teu bisa narima éta kaayaan.

"Ku naon kudu kieu?" ceuk Prana hiji peuting bari neuteup poto kulawargana.

Teu aya anu ngajawab.

 

Ti saprak harita, Prana mimiti nutup diri. Manehna  henteu deui resep nyaritakeun masalahna ka indungna. Manehna  ngarasa teu aya anu ngarti kana kasedihna.

Di sakola, pentena turun. Manehna  remen telat, sok ninggalkeun palajaran, sarta mimiti wawuh jeung sababaraha budak anu resep nongkrong ruang riung sanggeus sakola bubaran.

Dina hiji poé, salah saurang di antarana nawarkeun hiji “barang” ka Prana.

"Geus, Pra. Cobaan. Ieu bisa ngajadikeun pikiran leuwih tenang."

Prana bimbang.

"Naon ieu?"

"Ulah loba nanya. Cobaan wé."

Dina kaayaan haté anu keur kacida balueung, Prana tungtungna nyoba. Manehna  henteu sadar yén hiji kaputusan leutik éta bakal ngarobah sakabéh hirupna.

Mimitina ngan sakali. Tuluy jadi sababaraha kali. Lila-lila, Prana jadi gumantung kana narkoba.

Unggal aya masalah, manehna  néangan narkoba. Unggal ngarasa sedih, manehna  néangan narkoba. Unggal inget kana kulawargana, manehna  deui-deui néangan narkoba.

Manehna  nyangka éta bisa ngajauhkeun rasa kanyeri hatena. Padahal sabenerna, manehna  ngan ukur ngaganti hiji nyeri ku nyeri anu leuwih rohaka.

Di antara sakabéh babaturanana, ngan aya hiji wanoja anu henteu pernah nyerah pikeun ngingetan manehna .

Ngaran éta jalma téh Sarah.

Sarah téh babaturan sakelas Prana. Manehna  jalma anu bageur, sabar, sarta merhatikeun. Sarah geus nyaho parobahan Prana ti mimiti.

Hiji soré, Sarah manggihan Prana di sagedengen masjid sakola.

"Pra."

Prana henteu ngajawab.

"Urang ngobrol sakedap, nya?"

"Teu aya anu kudu diobrolkeun."

Sarah diuk di gigireunana.

"Abdi terang anjeun keur loba masalah."

Prana seuri pait.

"Anjeun teu ngarti."

"Meureun abdi teu ngarti sakabéhna. Tapi abdi hoyong ngadangukeun."

Prana ngabetem.

Sarah nuluykeun, "Kuring apal ngeunaan narkoba anu anjeun paké."

Prana langsung nangtung.

"Ulah campur kana urusan kuring!"

Sarah henteu ngajawab. Panonna katingali carindakdak sedih.

"Abdi sanés rék ngahukuman anjeun, Pra. Abdi ngan sieun."

"Sieun kunaon?"

"Sieun hiji poé kuring kaleungitan anjeun."

Prana seuri.

"Abdi moal nanaon."

Sarah neuteup panonna.

"Jalma anu nyebut kitu biasana henteu sadar yén dirina keur aya dina bahaya."

Prana langsung indit.

 

Tapi Sarah henteu mundur.

Isukna, manehna  ngirim warta naglewatan Whatsapp.

"Pra, tong nyerah ka diri sorangan. Anjeun masih boga harepan."

Prana maca éta pesen, tapi henteu ngabales.

Dina poé séjén, Sarah deui ngingetan.

"Pra, anjeun geus kelas XII. Tinggal salengkah deui lulus. Anjeun boga cita-cita, émut?"

Prana ngajawab enteng.

"Cita-cita mah bisa dipikirkeun engké."

"Engké téh iraha?"

"Mun masalah kuring geus beres."

"Terus narkoba bakal ngaréngsékeun masalah anjeun?"

Prana cicing ngabetem.

Sarah ngusap cimata anu mimiti kaluar tina panonna.

"Pra, masalah kulawarga anjeun lain salah anjeun. Kolot anjeun papisah, tapi anjeun henteu kudu ngaruksak hirup anjeun."

Kecap éta sabenerna nyentuh haté Prana.

Tapi gengsi jeung rasa ambek ngajadikeun manehna  tetep ngajauhan Sarah.

"Anjeun teu kudu sok nguruskeun hirup kuring."

Sarah ngan ngajawab lalaunan.

"Abdi ngalakukeun ieu sabab anjeun sobat abdi."

Waktu terus lumaku.

Prana beuki jauh tina sakola. Beuki sering ngagunakeun narkoba. Beuki jarang ngobrol jeung indungna.

Sedengkeun Sarah tetep aya.

Dina hiji poé, Sarah méré sapotong kertas ka Prana.

"Naon ieu?"

"Cita-cita anjeun waktu SMP."

Prana muka éta kertas. Di dinya aya tulisan leutik:

"Abdi hoyong janten jalma anu suksés sareng ngabahagiakeun indung sareng bapak."

Prana langsung cicing.

"Anjeun masih nyimpen ieu?"

Sarah seuri.

"Abdi inget anjeun kungsi nyaritakeunana."

Prana ngalipet deui éta kertas.

"Geus teu mungkin."

"Teu. Teu acan telat."

Prana henteu ngajawab.

Poé éta, manehna  sabenerna hayang nyaritakeun sagala hal ka Sarah. Hayang nyebutkeun yén manehna  capé. Hayang nyebutkeun yén manehna  sieun. Hayang nyebutkeun yén manehna  sabenerna hayang eureun.

Tapi kecap-kecap éta ngan ukur cicing dina jero haténa.

***

Sababaraha bulan ti harita, Prana beuki parah.

Dina hiji soré, sanggeus jam sakola, manehna  indit ka warung anu aya teu jauh ti sakola. Kaayaanana geus teu normal. Beungeutna pias, panonna beureum, sarta awakna leuleus.

Sarah anu kabeneran ngaliwat ningali manehna .

"Prana?"

Prana ngan ukur neuteup.

"Pra, anjeun geus ngagunakeun deui?"

Prana henteu ngajawab.

Sarah langsung hariwang.

"Hayu, urang ka tempat anu bisa ngabantu anjeun."

"Teu perlu..."

Prana can sempet neruskeun omonganana. Awakna ngadadak rubuh.

"PRANA!"

Sarah panik.

 

Manehna  langsung ménta tulung ka nu aya di warung. Prana dibantuan sarta dibawa pikeun meunangkeun pitulung. Sarah tetep aya di dinya bari cimata teu eureun ngalembereh.

Dina jero haténa, Sarah ngan bisa ngadoa.

"Nun Gusti, mugia salametkeun Prana."

Sanggeus aya anu ngurus Prana, Sarah mutuskeun pikeun balik. Peuting geus mimiti turun.

Saméméh indit, Sarah neuteup deui ka Prana.

"Pra... ulah maot. Anjeun can meunang kasempetan pikeun ngarobah hirup anjeun."

Prana henteu ngajawab. Manehna  masih teu sadar.

Sarah tuluy nyokot motorna.

Di jalan, hujan leutik mimiti turun. Jalanan Pangalengan jadi baseuh jeung licin. Halimun lalaunan turun.

Tapi pikiran Sarah masih galecok mikiran Prana.

"Mugia manehna  sadar," gerentes Sarah dina jero haténa.

"Mugia manehna  robah."

"Mugia isukan anjeunna  masih aya dikieuna."

Dina hiji tikungan, hiji treuk datang ti arah sabalikna. Kaayaan jalan anu licin nyababkeun kacilakaan teu bisa dipungpang.

Sarah murag tina motor bari awakna palebah suku nepika tuur kalindes ku eta treuk.

Warga anu ningali langsung datang pikeun nulungan. Sarah dibawa ka rumah sakit KPBS. Tapi tatu anu dialamanana kacida parnana.

Peuting éta, nyawa Sarah teu bisa disalametkeun.

Sarah tilar dunya.

****

Isukna, béja éta nepi ka Prana.

"Sarah ngantunkeun."

Ngan tilu kecap.

Tapi tilu kecap éta karasa kawas ngancurkeun sakabéh dunya Prana.

"Naon?"

Prana henteu percaya.

Manehna  ngulang deui.

"Sarah... ngantunkeun?"

Cimata mimiti ngalembereh.

Dina pikiranna, rus ras deui sagala ngenaan Sarah.

Sarah anu sok ngingetan.

Sarah anu sok ngadagoan manehna  sanggeus sakola.

Sarah anu sok ngomong, "Anjeun masih boga masa depan."

Sarah anu peuting éta masih mikiran dirina.

Prana ngageleng-gelengkeun sirah.

"Teu mungkin..."

Tapi kanyataan henteu bisa dirobah.

Sarah geus teu aya.

Prana datang ka imah Sarah. Di dinya manehna  ningali kulawarga Sarah keur ceurik. Aya poto Sarah dipasang di hareupeun imah.

Prana nangtung lila di hareupeun poto éta.

Cimata na murag.

"Sarah..."

Teu aya jawaban.

"Abdi hapunten."

Sora Prana ngageter.

"Anjeun sok ngingetan abdi. Anjeun sok nyebut yén narkoba bakal ngaruksak hirup abdi. Tapi abdi henteu ngadéngékeun."

Prana nyepeng dadana.

"Lamun harita abdi ngadéngékeun anjeun..."

Kalimahna eureun.

Manehna  sadar yén kecap lamun moal bisa ngarobah nanaon.

Sarah geus indit salawasna.

Prana ceurik sakitu tarikna nepi ka teu bisa nahan awakna.

"Abdi hoyong anjeun balik deui, Rah..."

Tapi jalma anu dipikahoyongna teu mungkin balik deui.

Ti poé éta, Prana ngarasa hirupna robah.

Manehna  mimiti sadar yén kaduhung téh datang nalika sagalana geus telat.

Manehna  mutuskeun pikeun ngalawan kecanduan narkoba jeung ménta bantuan ka kulawarga sarta nu boga wewenang. Manehna  balik sakola, leuwih deukeut jeung indungna, sarta mimiti ngawangun deui mangsa nu baris ka sorang.

***

Henteu gampang.

Sababaraha kali manehna  ngarasa hayang nyerah. Tapi unggal kali éta kajadian, manehna  inget kana Sarah.

Manehna  inget kana hiji kalimah anu pernah diucapkeun ku sobatna:

"Salila anjeun masih hirup, teu acan telat pikeun robah."

Ti harita, Prana nyieun jangji.

"Abdi bakal hirup kalayan bener, Rah. Sanajan anjeun henteu tiasa ningali, abdi bakal ngalakukeunana."

Prana terang, robahna hirupna moal bisa ngahirupkeun Sarah deui.

Tapi manehna  yakin yén hiji-hijina cara pikeun ngahargaan kahadéan Sarah nyaéta henteu deui nyia-nyiakeun hirupna.

Isuk isuk keneh, Prana nangtung di hareupeun sakolana. Halimun Pangalengan lalaunan mimiti nyingray. Panonpoé mimiti némbongan tina balik pasir.

Prana neuteup ka langit.

Aya cimata dina panonna, tapi ayeuna lain ngan ukur cimata kasedih.

Aya harepan.

"Hatur nuhun, Sarah."

 

*) Guru SMAN 1 Pangalengan 

36 komentar:

  1. Raya Destriani XI-D111 Agustus 2026 pukul 06.02

    Hatur nuhun bapak kanggo bacaanna

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun kanggo bacaannaa

    BalasHapus
  3. Risqi Setiawan XI-D111 Agustus 2026 pukul 06.28

    haturnuhun pa kanggo bacaanna

    BalasHapus
  4. hatur nuhun bapakk kanggoo literasi dinten ieuu

    BalasHapus
  5. Salwa Nursalsabila XI-A311 Agustus 2026 pukul 06.35

    hatur nuhun bapak kangge literasina

    BalasHapus
  6. Terimakasih bapak atas literasinya, sangat bermanfaat
    Farisa XI-A2

    BalasHapus
  7. terimakasih bapa atas literasinya

    BalasHapus
  8. Hatur nuhun Bapak,kana Bacaan na✨
    X-L

    BalasHapus
  9. hatur nuhun bapak kanggo literasina
    meysa XI-A4

    BalasHapus
  10. Hatur nuhun bapak kangge literasi hari ayena Wira X-B

    BalasHapus
  11. terimakasih bapa/ibu atas literasinya
    Faisal X-B

    BalasHapus
  12. terima kasih atas literasi nya bapakk,, Galih X-B

    BalasHapus
  13. hatur nuhun pak literasi na, abdul XB

    BalasHapus
  14. terimakasih bapa atas literasinya
    Aura maharani putri - 12 D1

    BalasHapus
  15. Haturnuhun bapak kanggo literasina, kacida nyeredet kana haté

    BalasHapus
  16. Terimakasih bapak ceritanya menarik dan bermanfaat rizkianurhanisa XII-D1

    BalasHapus
  17. nuhun bapa literasi na -erni, syafa X-A

    BalasHapus
  18. terimakasih bapak

    BalasHapus
  19. Hatur nuhun bapak kange literasi na dinten ie 🙏

    BalasHapus
  20. terimakasih atas literasi nya bapa sangat bermanfaat

    BalasHapus
  21. hatur nuhun bapak kanggo literasi dinten ie,sangat bermanfaat. Muhamad Radit X-B

    BalasHapus
  22. Dara Sabrina — XI B111 Agustus 2026 pukul 06.58

    Hatur nuhun Bapak kanggo literasina🙏

    BalasHapus
  23. hatur nuhun kangge literasina pak..

    BalasHapus
  24. Fildzah Dhyas XII-A411 Agustus 2026 pukul 06.58

    terimakasih atas literasinya bapak🌟

    BalasHapus
  25. Hatur nuhun bapak Kana carpon na🤍

    BalasHapus
  26. terimakasih atas literasinya bapak

    BalasHapus
  27. terimakasih bapak atas literasi nya, sangat bermanfaat
    Natasya XII-D1

    BalasHapus
  28. ari ujang prana kunaonn atuh bet kanu narkoba

    BalasHapus
  29. Diana Anggita putri XH11 Agustus 2026 pukul 07.00

    terimakasihh atass literasii nyaa

    BalasHapus
  30. Salman Alfarizi XI-B111 Agustus 2026 pukul 07.02

    NUHUN PAK

    BalasHapus
  31. reast in peace sarah... semoga prana cepat berubah

    BalasHapus
  32. Makasih literasi nya seru banget

    BalasHapus
  33. keuna kana manah🥲🗿hatur nuhun pak kangge carponna🙏

    BalasHapus

Healthy in Body and Mind

  MENJAGA MENTAL TETAP SEHAT DARI LINGKUNGAN YANG TOXIC Oleh: Novy Anggraeni Nurfazri,S.Ikom *) Lingkungan toxic adalah kondisi yang merugik...