KADUHUNG
Ku. Rusmana *)
Prana
téh murid kelas XII di SMAN 1 Pangalengan. Umurna geus tujuh belas taun.
Sakuduna, dina umur éta, manehna keur
sumanget nyiapkeun mangsa nu baris
disorang. Tapi hirupna malah beuki awuntah teu puguh arah.
Baheula
Prana téh budak anu bageur jeung rajin. Manehna resep maén bal, resep diajar, sarta miboga
cita-cita hayang jadi jalma anu bisa ngabanggakeun kolotna. Tapi sagalana robah
nalika Prana kelas X. Kolotna papisah.
Ti
harita, imah anu baheula pinuh ku sora obrolan jeung seuri jadi simpé. Bapana
indit ti imah. Indungna tetep aya, tapi beuki remen cicing sorangan bari
nyumputkeun kasedihna.
Prana
teu bisa narima éta kaayaan.
"Ku
naon kudu kieu?" ceuk Prana hiji peuting bari neuteup poto
kulawargana.
Teu
aya anu ngajawab.
Di
sakola, pentena turun. Manehna remen
telat, sok ninggalkeun palajaran, sarta mimiti wawuh jeung sababaraha budak anu
resep nongkrong ruang riung sanggeus sakola bubaran.
Dina
hiji poé, salah saurang di antarana nawarkeun hiji “barang” ka Prana.
"Geus,
Pra. Cobaan. Ieu bisa ngajadikeun pikiran leuwih tenang."
Prana
bimbang.
"Naon
ieu?"
"Ulah
loba nanya. Cobaan wé."
Dina
kaayaan haté anu keur kacida balueung, Prana tungtungna nyoba. Manehna henteu sadar yén hiji kaputusan leutik éta
bakal ngarobah sakabéh hirupna.
Mimitina
ngan sakali. Tuluy jadi sababaraha kali. Lila-lila, Prana jadi gumantung kana
narkoba.
Unggal
aya masalah, manehna néangan narkoba.
Unggal ngarasa sedih, manehna néangan
narkoba. Unggal inget kana kulawargana, manehna deui-deui néangan narkoba.
Manehna
nyangka éta bisa ngajauhkeun rasa kanyeri
hatena. Padahal sabenerna, manehna ngan
ukur ngaganti hiji nyeri ku nyeri anu leuwih rohaka.
Di
antara sakabéh babaturanana, ngan aya hiji wanoja anu henteu pernah nyerah
pikeun ngingetan manehna .
Ngaran
éta jalma téh Sarah.
Sarah
téh babaturan sakelas Prana. Manehna jalma anu bageur, sabar, sarta merhatikeun.
Sarah geus nyaho parobahan Prana ti mimiti.
Hiji
soré, Sarah manggihan Prana di sagedengen masjid sakola.
"Pra."
Prana
henteu ngajawab.
"Urang
ngobrol sakedap, nya?"
"Teu
aya anu kudu diobrolkeun."
Sarah
diuk di gigireunana.
"Abdi
terang anjeun keur loba masalah."
Prana
seuri pait.
"Anjeun
teu ngarti."
"Meureun
abdi teu ngarti sakabéhna. Tapi abdi hoyong ngadangukeun."
Prana
ngabetem.
Sarah
nuluykeun, "Kuring apal ngeunaan narkoba anu anjeun paké."
Prana
langsung nangtung.
"Ulah
campur kana urusan kuring!"
Sarah
henteu ngajawab. Panonna katingali carindakdak sedih.
"Abdi
sanés rék ngahukuman anjeun, Pra. Abdi ngan sieun."
"Sieun
kunaon?"
"Sieun
hiji poé kuring kaleungitan anjeun."
Prana
seuri.
"Abdi
moal nanaon."
Sarah
neuteup panonna.
"Jalma
anu nyebut kitu biasana henteu sadar yén dirina keur aya dina bahaya."
Prana
langsung indit.
Isukna,
manehna ngirim warta naglewatan Whatsapp.
"Pra,
tong nyerah ka diri sorangan. Anjeun masih boga harepan."
Prana
maca éta pesen, tapi henteu ngabales.
Dina
poé séjén, Sarah deui ngingetan.
"Pra,
anjeun geus kelas XII. Tinggal salengkah deui lulus. Anjeun boga cita-cita,
émut?"
Prana
ngajawab enteng.
"Cita-cita
mah bisa dipikirkeun engké."
"Engké
téh iraha?"
"Mun
masalah kuring geus beres."
"Terus
narkoba bakal ngaréngsékeun masalah anjeun?"
Prana
cicing ngabetem.
Sarah
ngusap cimata anu mimiti kaluar tina panonna.
"Pra,
masalah kulawarga anjeun lain salah anjeun. Kolot anjeun papisah, tapi anjeun
henteu kudu ngaruksak hirup anjeun."
Kecap
éta sabenerna nyentuh haté Prana.
Tapi
gengsi jeung rasa ambek ngajadikeun manehna tetep ngajauhan Sarah.
"Anjeun
teu kudu sok nguruskeun hirup kuring."
Sarah
ngan ngajawab lalaunan.
"Abdi
ngalakukeun ieu sabab anjeun sobat abdi."
Waktu
terus lumaku.
Prana
beuki jauh tina sakola. Beuki sering ngagunakeun narkoba. Beuki jarang ngobrol
jeung indungna.
Sedengkeun
Sarah tetep aya.
Dina
hiji poé, Sarah méré sapotong kertas ka Prana.
"Naon
ieu?"
"Cita-cita
anjeun waktu SMP."
Prana
muka éta kertas. Di dinya aya tulisan leutik:
"Abdi
hoyong janten jalma anu suksés sareng ngabahagiakeun indung sareng bapak."
Prana
langsung cicing.
"Anjeun
masih nyimpen ieu?"
Sarah
seuri.
"Abdi
inget anjeun kungsi nyaritakeunana."
Prana
ngalipet deui éta kertas.
"Geus
teu mungkin."
"Teu.
Teu acan telat."
Prana
henteu ngajawab.
Poé
éta, manehna sabenerna hayang
nyaritakeun sagala hal ka Sarah. Hayang nyebutkeun yén manehna capé. Hayang nyebutkeun yén manehna sieun. Hayang nyebutkeun yén manehna sabenerna hayang eureun.
Tapi
kecap-kecap éta ngan ukur cicing dina jero haténa.
***
Sababaraha
bulan ti harita, Prana beuki parah.
Dina
hiji soré, sanggeus jam sakola, manehna indit ka warung anu aya teu jauh ti sakola.
Kaayaanana geus teu normal. Beungeutna pias, panonna beureum, sarta awakna
leuleus.
Sarah
anu kabeneran ngaliwat ningali manehna .
"Prana?"
Prana
ngan ukur neuteup.
"Pra,
anjeun geus ngagunakeun deui?"
Prana
henteu ngajawab.
Sarah
langsung hariwang.
"Hayu,
urang ka tempat anu bisa ngabantu anjeun."
"Teu
perlu..."
Prana
can sempet neruskeun omonganana. Awakna ngadadak rubuh.
"PRANA!"
Sarah
panik.
Dina
jero haténa, Sarah ngan bisa ngadoa.
"Nun
Gusti, mugia salametkeun Prana."
Sanggeus
aya anu ngurus Prana, Sarah mutuskeun pikeun balik. Peuting geus mimiti turun.
Saméméh
indit, Sarah neuteup deui ka Prana.
"Pra...
ulah maot. Anjeun can meunang kasempetan pikeun ngarobah hirup anjeun."
Prana
henteu ngajawab. Manehna masih teu
sadar.
Sarah
tuluy nyokot motorna.
Di
jalan, hujan leutik mimiti turun. Jalanan Pangalengan jadi baseuh jeung licin.
Halimun lalaunan turun.
Tapi
pikiran Sarah masih galecok mikiran Prana.
"Mugia
manehna sadar," gerentes Sarah
dina jero haténa.
"Mugia
manehna robah."
"Mugia
isukan anjeunna masih aya dikieuna."
Dina
hiji tikungan, hiji treuk datang ti arah sabalikna. Kaayaan jalan anu licin
nyababkeun kacilakaan teu bisa dipungpang.
Sarah
murag tina motor bari awakna palebah suku nepika tuur kalindes ku eta treuk.
Warga
anu ningali langsung datang pikeun nulungan. Sarah dibawa ka rumah sakit KPBS.
Tapi tatu anu dialamanana kacida parnana.
Peuting
éta, nyawa Sarah teu bisa disalametkeun.
Sarah
tilar dunya.
****
Isukna,
béja éta nepi ka Prana.
"Sarah
ngantunkeun."
Ngan
tilu kecap.
Tapi
tilu kecap éta karasa kawas ngancurkeun sakabéh dunya Prana.
"Naon?"
Prana
henteu percaya.
Manehna
ngulang deui.
"Sarah...
ngantunkeun?"
Cimata
mimiti ngalembereh.
Dina
pikiranna, rus ras deui sagala ngenaan
Sarah.
Sarah
anu sok ngingetan.
Sarah
anu sok ngadagoan manehna sanggeus
sakola.
Sarah
anu sok ngomong, "Anjeun masih boga masa depan."
Sarah
anu peuting éta masih mikiran dirina.
Prana
ngageleng-gelengkeun sirah.
"Teu
mungkin..."
Tapi
kanyataan henteu bisa dirobah.
Sarah
geus teu aya.
Prana
datang ka imah Sarah. Di dinya manehna ningali kulawarga Sarah keur ceurik. Aya poto
Sarah dipasang di hareupeun imah.
Prana
nangtung lila di hareupeun poto éta.
Cimata
na murag.
"Sarah..."
Teu
aya jawaban.
"Abdi
hapunten."
Sora
Prana ngageter.
"Anjeun
sok ngingetan abdi. Anjeun sok nyebut yén narkoba bakal ngaruksak hirup abdi.
Tapi abdi henteu ngadéngékeun."
Prana
nyepeng dadana.
"Lamun
harita abdi ngadéngékeun anjeun..."
Kalimahna
eureun.
Sarah
geus indit salawasna.
Prana
ceurik sakitu tarikna nepi ka teu bisa nahan awakna.
"Abdi
hoyong anjeun balik deui, Rah..."
Tapi
jalma anu dipikahoyongna teu mungkin balik deui.
Ti
poé éta, Prana ngarasa hirupna robah.
Manehna
mimiti sadar yén kaduhung téh datang nalika sagalana geus
telat.
Manehna
mutuskeun pikeun ngalawan kecanduan
narkoba jeung ménta bantuan ka
kulawarga sarta nu boga wewenang.
Manehna balik sakola, leuwih
deukeut jeung indungna, sarta mimiti ngawangun deui mangsa nu baris ka sorang.
***
Henteu
gampang.
Sababaraha
kali manehna ngarasa hayang nyerah. Tapi
unggal kali éta kajadian, manehna inget
kana Sarah.
Manehna
inget kana hiji kalimah anu pernah
diucapkeun ku sobatna:
"Salila
anjeun masih hirup, teu acan telat pikeun robah."
Ti
harita, Prana nyieun jangji.
"Abdi
bakal hirup kalayan bener, Rah. Sanajan anjeun henteu tiasa ningali, abdi bakal
ngalakukeunana."
Prana
terang, robahna hirupna moal bisa ngahirupkeun Sarah deui.
Tapi
manehna yakin yén hiji-hijina cara
pikeun ngahargaan kahadéan Sarah nyaéta henteu deui nyia-nyiakeun hirupna.
Isuk
isuk keneh, Prana nangtung di hareupeun sakolana. Halimun Pangalengan lalaunan
mimiti nyingray. Panonpoé mimiti némbongan tina balik pasir.
Prana
neuteup ka langit.
Aya
cimata dina panonna, tapi ayeuna lain ngan ukur cimata kasedih.
Aya
harepan.
"Hatur
nuhun, Sarah."
*) Guru SMAN 1 Pangalengan





Tidak ada komentar:
Posting Komentar