KATRESNA NU TEU KUNGSI KEDAL
Ku Rusmana *)
Dayeuhkolot, 23
Maret 1946.
Langit ngempur
ku cahaya ngabebela seuneu nu ngahiji jeung haseup hideung. Sora tembakan bedil jeung ngabeledugna sora granat
kadéngé tarik silih tembal, campur jeung sora takbir ti pasukan Laskar
Hizbullah.
Di sisi
walungan Citarum handapeun dapuran awi, Kang Jajang, saurang pamuda 20 taun,
anggahota Laskar Hizbullah, keur ngetok bedil Lee-Enfield buatan Inggris
menang ngarebut ti tantara walanda nu geus luntur catna. Tarangna baseuh ku
kesang, haténa panas campur gugup. Ti sagigireunana, Nyi Uneh, wanoja desa Bojongasih
umur 19 taun, nyolendang kantong bodas natrat aya bacaan jeung gambar palang
beureum, aneprok bari ngéntépkeun kain kasa jeung ubar sapuratina.
Kang Jajang
ngajawab bari nyeuseup napas jero.
“Nyi, lamun
urang mundur ayeuna, naha urang rék ninggalkeun padumukan sorangan ditempatan
ku panjajah Walanda? Ieu Dayeuhkolot kudu bébas, naha kumaha ogé carana.”
Ti sabudeureun
tempat maranehka ngobrol, Ceu Tarmini, nu miboga warung kopi leutik di Balero gigir
tangsi Walanda, datang bari mawa termos jeung dua cangkir seng. Ceu Tarmini téh
Randa boga anak hiji, umur 24 taun nu boga wanda jeung rupa kawilang geulis,
sok pirajeunan utamana para pamuda ngadon ngopi jeung ngawangkong di warungna
lantaran kopi na kawentar ngeunah tur nu bogana soméah cenah. Salian ti eta,
Ceu Tarmini teh pananyaan para pajoang ngenaan informasi kaayaan pasukan
Walanda jeung gurak gerikna.
Kang Jajang
nampa gelasna, sabari ngawalon
lirih, “Hatur nuhun, Ceu. Kopi Eceu sok ngajadikeun haté kuring leuwih tenang.”
Nyi Uneh ngarérét, haténa kerasa panas. Aya rasa timuru nu
disumputkeun, tapi ceuk ijeurana teu pantes nunjukkeun ayeuna. Hiji sisi haténa
bogoh ka Kang Jajang, tapi dina waktu nu sarua, Ceu Tarmini ogé siga sarua
neundeun haté kadua leutik ka Kang Jajang.
***
Peuting éta,
Kang Oha (Mohamad Toha) jeung kang Udan (Mohamad Ramdan), komandan Laskar
Hizbullah, ngumpulkeun pasukan di saung gedé gigireun sawah tungtung kampung
Ciodéng.
“Sadayana kudu
siap,” ceuk Kang Oha tegas bari nunjukkeun peta gudang senjata Walanda di
Dayeuhkolot.
“Isuk urang bakal ngabeledugkeun gudang ieu. Ieu tugas penting, sabab lamun
hasil, pasukan NICA anu ngabongcéng Walanda bakal mundur ti Bandung kidul….ieu
mangrupa paréntah ti pupuhu urang kolonel Nasution”
Kang Jajang
nuturkeun sagala paréntahna bari haté galécok mikiran résiko nu kudu disanghareupan.
Sanggeus gempungan réngsé, anjeunna kaluar saung jeung manggihan Nyi Uneh anu keur
nyusun pakakas P3K.
“Nyi,” ceuk
Kang Jajang bari nyampeurkeun, “lamun serangan isuk dimimitian, Nyai kudu tetep
di tukang. Ulah deukeut deukeut teuing ka daerah pangperangan.”
Nyi Uneh
langsung nempas. “Teu, Kang. Abdi kudu aya di ditu. Mun aya nu
tatu, saha deui nu nulungan lamun lain abdi jeung saparakanca ti palang merah?”
Kang Jajang
meseum ipis, matana neuteup jero kana panonna Nyi Uneh.
“Mun kitu, jangji, Nyai tong nepi ka ngorbankeun nyawa.”
Dayeuhkolot, 24 Maret 1946.
Bandung kidul disimbutan haseup jeung seuneu.
Gedong-gedong kolonial nu tadina tohaga
ayeuna kaléntab seuneu. Pasukan Hizbullah
jeung Barisan Rakyat ngajorag
Dayeuhkolot, nyanghareupan bedil-bedil tantara NICA jeung Walanda nu nyebar ti tukangeun benteng jeung kandaraan
perang nu rongkah.
Pelor ngabelesat di sisi
sirahna, tapi anjeunna teu eureun lumpat.
Di tempat
séjén, Nyi Uneh keur ngabantu relawan Palang Merah mindahkeun korban tatu ka sisi
walungan Citarum sagigireun kampung Ciputat. Leungeun kenca jeung katuhuna
baloboran ku getih, tapi sorana tetep pertela.
“Buru-buru!
Kudu diselametkeun ayeuna!”
Samentara éta, Ceu Tarmini tetep nyumput di warungna nu ngan
ukur sabara ratusan méter ti tangsi Walanda. Anjeunna ngintip tina sela-sela
bilik warungna bari merhatikeun para pajoang nu datang narajang tangsi Walanda, tapi haténa
hésé tenang. Unggal sora ngabeledagna pelor karasa siga ngabeulah dadana.
***
Wanci pecat
sawed, sora ngabeledag ngoyagkeun langit Dayeuhkolot. Kang Oha ngabeledugkeun
gudang senjata Walanda ti jero, ngorbankeun dirina sorangan pikeun nyegah
pasokan senjata ka pasukan musuh.
Sakabeh pasukan
Hizbullah nu aya di luar benteng sempet eureun saheulaanan, kaget ku beledugan
nu ngenderken taneuh.
“Asupkeun! Kang
Oha… Kang Oha jeung Kang Udan aya di jero!” gorowok saurang pajuang bari ngahelas.
Kang Jajang
nyoba maju ngadeukeutan lokasi gudang, tapi bedil musuh terus ngutahkeun pelor
ti sagala arah. Anjeunna teu boga kasempetan pikeun nyalametkeun komandanna
Kang Oha jeung Kang Udan. pelor ngenaan beuteung jeung dada Kang Jajang,
ngabalukarkeun tisungkruk tijurahroh kana taneuh.
Nyi Uneh nu
harita ngudag ti tukang, nyanghareupan hiji tetempoan nu ketir kacida dina hirupna. Kang
Jajang ngagoler di taneuh, getih ngalembereh ti dada jeung beuteungna. Nyi Uneh
lumpat ngadeukeutan bari ceurik,
Kang Jajang
nempo Nyi Uneh, biwirna seuri leutik, sora na peura pisan.
“Nyi U..neh… ulah ceu….rik Nyi. Ieu… ieu jalanna. Urang geus ngalaku….keun na..on
nu kudu dilakukeun… pi…keun lemah ca..i...”
Teu lila, Ceu
Tarmini ogé datang, pamenteuna sepa, legeuna ngageter. Ningali Kang Jajang dina
kaayaan kitu, anjeunna teu bisa nahan piceurikeun.
“Kang Jajang…
tong tinggalkeun abdi. Abdi… abdi henteu sanggem taya Kang Jajang…”
Kang Jajang ngarérét ka Ceu Tarmini, napasna ngap-ngapan. “Ceu… haa…tur
nu…hun… kang..go..saa..gala..na…haaa..pun..teun..aa..bb..di.. muu..gia pinagg..ih..ka…
bagja…an”
Sanggeus kecap
éta kaluar, Kang Jajang mungkas ucapan “La..illaha..il..la…lohhh….”
panon Kang Jajang perem, napasna eureun. Dina wanci anu barengan, sora ngabeledag
ti tangsi Walanda masih terus kadéngé, tanda perang can réngsé. Tapi pikeun Nyi
Uneh jeung Ceu Tarmini, alam dunya jadi poék mongkleng…alatan pamuda nu
dipicangcam…perlaya di medan laga…narohkeun nyawa keur lemah cai nu
dipicintana.
Peuting éta,
Dayeuhkolot simpé. Haseup masih ngapung di langit, bau mesiu jeung kai kaduruk
kénéh nyirorot dina hawa. Di sagigireun warung, Nyi Uneh jeung Ceu Tarmini aniprek
babarengan bari ceurik pa ungku-ungku.
“Ceu…” ceuk Nyi
Uneh bari sora na dareuda, “Kang Oha… Kang Jajang… sadayana tos perlaya. Kumaha
carana urang neraskeun hirup?”
Ceu Tarmini nyepeng
leungeunna pageuh, cimata masih nyurucud.
“Nyi… urang
kudu neraskeun perjuangan aranjeuna. Sanajan haté hancur, ieu lemah cai… kudu
tetep nepi ka bébas merdéka.”
Angin peuting
masih ngahiliwir……dua wanoja nu sungkawa, dibarengan langit Bandung kidul ngagedur
ku seuneu, nyimpen sajarah, antara dua katresna. jeung leungitna hareupan ka nu
dipikatresna.
Dayeuhkolot, 25
Maret 1946
Wanci haneut moyan, ti kejauhan,sora ciciak
cai Citarum ngagalumbang nalangsa ngajajap
nu nyengceurikan miangna para pajoang.
Perang tacan rengse, nanging haté
maranehanana kaleungitan hiji katresna anu can ka kedalkeun.
*) pamilon pasanggiri ngarang carpon
sajarah ‘mangle 2025





Tidak ada komentar:
Posting Komentar